[go: up one dir, main page]

1 2 3 4 5 6
7 8 9 10 11 12 13
14 15 16 17 18 19 20
21 22 23 24 25 26 27
28 29 30  

29 April nyaéta poé ka-119 dina sataun (ka-120 dina taun kabisat) dina kalénder Gregorian, sésana 246 poé.

Kajadian

édit
  • 1429Joan urang Arc datang pikeun ngabébaskeun Pangepungan Orleans.
  • 1483 – Gran Canaria, pulo utama di Kapuloan Kanari, ditalukkeun ku Karajaan Kastile.
  • 1521Perang Pangbébasan Swédia: Pasukan Swédia ngéléhkeun pasukan Dénmark dina Patempuran Västerås.
  • 1672Louis XIV ti Perancis nyerang Walanda.
  • 1769 – Insinyur Skotlandia, James Watt, maténkeun mesin uap.
  • 1781Perang Révolusi Amérika: Kapal-kapal Inggris jeung Perancis patelak dina Patempuran Fort Royal di leupas basisir Martinique.
  • 1864Patempuran Gate Pa (Pukehinahina): 1.700 tentara Inggris nandangan pangparah-parahna kajadian kaéléhan dina Perang Selandia Anyar ku prajurit Maori nu nyarumput dina kamalir di Tauranga.
  • 1882 – "Elektromote" – pibakaleun beus troli – diuji coba ku Werner von Siemens di Bérlin.
  • 1911 – Universitas Tsinghua, salah sahiji universitas utama di Cina daratan, diadegkeun.
  • 1916Perang Dunia I: Divisi India Ka-6 Karajaan Inggris nyarerah ka Pasukan Turki Utsmani dina Pangepungan Kut.
  • 1916Pangbarontakan Paskah: Sabada genep poé tempur, pangbarontak Irlandia nyerah ka Pasukan Inggris di Dublin, mungkas Pangbarontakan Paskah.
  • 1944Perang Dunia II: Agén Inggris, Nancy Wake, tokoh utama dina Perjuangan Perancis sarta jalma pang ditéangna ku Gestapo, terjun maké parasut balik ka Perancis pikeun jadi panghubung antara London jeung grup maquis (pajuang lokal).
  • 1945 – Perang Dunia II: Tentara Jérman di Italia nyarerah ka Sakutu.
  • 1945 – Perang Dunia II: Dimimitianna Operasi Manna, operasi nurun-nurunkeun kadaharan tina kapal udara di wilayah Walanda nu didiukkan ku Jérman.
  • 1945 – Perang Dunia II: Kapal frigate HMS Goodall (K479) ditorpédo ku U-286 di saluaren Kola Inlet sarta jadi kapal Karajaan Inggris nu pamungkas nu tilelep dina Perang Dunai II.
  • 1945 – Perang Dunia II: Adolf Hitler kawin ka kabogoh ti babaheulana, Eva Braun di hiji bungker di Bérlin sarta nunjuk Admiral Karl Dönitz minangka panggantina.
  • 1946 – Sidang Pangadilan Militer Internasional pikeun Asia Wétan Jauh ngadakwa manten PM Jepang Hideki Tojo jeung 28 manten pamingpin lianna pikeun kajahatan perang.
  • 1951 – Delegasi Tibét nepi ka Béijing sarta ngusulkeun 17 poin kapaheutan antara pamaréntah RRC jeung otonomi Tibét.
  • 1967 – Sabada nolak wamil poé kamarina, gelar juara dunia tinju Muhammad Ali dicabut.
  • 1970Perang Viétnam: Pasukan AS jeung Viétnam Kidul nyerang Kamboja dina raraga memerik Viét Kong.
  • 1975 – Perang Viétnam: Operasi Angin Réa: AS ngamimitian ngaévakuasi wargana ti Saigon saméméh Viétnam Kalér arasup ka dinya. Ilibiungna AS dina perang éta lekasan.
  • 1991 – Angin puyuh narajang Distrik Chittagong di kidul wétan Bangladésh nu kacepetanna kira-kira 248 km/jam (155 mil/jam), nelasan saheunteuna 138.000 jalma sarta ngabalukarkeun sapuluh jutaan leungiteun imah.
  • 1991 – Lini 7.0 Mw Racha nembrag Georgia, nelasan 270 jalma.
  • 1992 – Kakacoan di Los Angeles, sabada diputuskeun teu salahna patugas-patugas pulisi nu didakwa neunggeulan Rodney King sacara bébéakan. Salila tilu poé ti harita 63 jalma palastra sarta rébuan wangunan diancurkeun.
  • 1997Konvénsi Pakarang Kimia 1993 mimiti lumaku, ngalarang produksi, paneundeunan sarta panggunaan pakarang-pakarang kimia pikeun nu narékenna.
  • 2011Pangéran William kawin ka Catherine Middleton di Istana Westminster Abbey di London.
  • 2013 – Pasawat Maskapai National Nomer 102,  kapal panumpang Boeing 747-400, murag nalika leupas landas ti Landasan Bagram di Porpinsi Parwan, Afghanistan, nelasan tujuh jalma.
  • 2018 – Akun Twitter pajabat Swédia muguhkeun yén baso Swédia aslina mah ti Turki.
  • 2018 – Pilem serial kartun  "The Simpsons" ngaliwatan 635 épisodena serial  "Gunsmoke" pikeun ngajadi itungan épisode pangréana batan serial TV mana waé.

Nu babar

édit

Nu pupus

édit

Poé peré / poé panginget-nginget

édit
  • Poé Ngibing Internasional (UNESCO)

Tumbu luar

édit